SELAMAT DATANG DI WEBBLOG SERBA-SERBI INDONESIA TERIMAKASIH SUDAH BERKUNJUNG

Jumat, 25 Maret 2011

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET MALING CABE

AYEUNA mah rada lila pundungna Sakadang Monyét téh. Aya kana tilu poéna. tapi ahirna, Sakadang Monyét datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Harita téh isuk-isuk kénéh pisan.


“Sakadang Kuyaaa!” Sakadang Monyét gegeroan bari nangtung dina batu lémpar paranti moyan Sakadang Kuya. Sorana dialeu-aleu.

“Kuk!” aya anu némbalan di handap.

Sakadang Monyét luak-lieuk euweuh sasaha.

“Sakadang Kuyaaa!”

“Kuk!” aya anu némbalan deui.

Sakadang Monyét culang-cileung, angger euweuh sasaha. Pok deui ngageroan.

“Sakadang Kuyaaa!”

“Kuk!”

Barang kadéngé sora “kuk”, jempol sukuna utek-utekan. Disangkana anu némbalan téh jempol suku manéhna sorangan.

“Geuning manéh anu némbalan téh! Manéh ngaheureuykeun ka uing?” ceuk Sakadang Monyét ambek kana jempol sukuna. “Dipékprék sia ku aing!”

Sakadang Monyét nyokot batu sagedé peureup, tuluy dipékprékkeun kana jempol sukuna. Atuh Sakadang Monyét téh jéjéréwétan nyerieun indung suku.

Gék Sakadang Monyét diuk dina batu bari ngusapan jempol sukuna anu rada ngabareuhan. Keur kitu, kurumuy Sakadang Kuya datang tina handapeun batu.

“Euleuh-euleuh, Sakadang Monyét. Ka mana baé atuh, meni kakara katingali?” ceuk Sakadang Kuya bari nyampeurkeun ka Sakadang Monyét.

“Nyaéta uing téh geus ulin ngurilingan leuweung di dieu, sugan aya hakaneun anu ngeunah,” témbal Sakadang Monyét.

“Manggih henteu?”

“Manggih. Cabé meni bareureum téh.”

“Cabé nya? Kabeneran atuh, puguh asa geus lila uing téh henteu ngadahar cabé. Di mana nu aya tangkal cabé téh?” Sakadang Kuya panasaran.

“Di kebon Pa Tani. Lamun Sakadang Kuya hayang, hayu urang ngala, da uing gé hayang.”

“Ah, embung di kebon Pa Tani mah. Sieun ku Pa Tani. Komo Sakadang Monyét mah sok gandéng ari baranghakan téh.”

“Moal, moal gandéng! Urang di sisina wé ngalana ogé, ulah ka tengah. Apan kebon Pa Tani téh lega.”

“Embung ah, sieun!”

“Sumpah, uing mah moal gandéng. Jeung lamun kapanggih ku Pa Tani, urang lumpat, engké Sakadang Kuya digandong ku uing!” ceuk Sakadang Monyét ngayakinkeun Sakadang Kuya.

“Nyaan ieu téh?”

“Sumpah, piraku uing ngabohong ka kolot!”

“Hayu atuh ari kitu mah!”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.

Barang tepi ka kebon Pa Tani, enya baé katémbong tangkal cabé sakebonan, cabéna geus bareureum deuih.

Jleng Sakadang Monyét ngaluncatan pager, ari Sakadang Kuya moncor kana sela-sela pager anu carang. Geus kitu mah, der baé duanana ngahakanan cabé, meni ngaweswes. Sareuhah ladaeun, komo Sakadang Kuya mah tangka cirambay bakating ku lada. Tapi terus baé ngahakanan cabé. Lada ogé lada ngeunah cenah. Kawantu kahakanan anu langka keur maranéhna mah cabé téh.

Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok, “Seuhah lata-lata,” cenah. Maksudna mah ‘seuhah lada-lada’.

“Ssst, ulah gandéng atuh, bisi kadéngéeun ku Pa Tani!” Sakadang Kuya nyaram. Tapi Sakadang Monyét teu beunang dicaram, angger baé gogorowokan.

“Seuhah lata-lata! Seuhah lata-lata!”

Harita Pa Tani keur ngareureuhkeun capé di saung. Barang ngadéngé anu gandéng di tungtung kalér kebonna, tibuburanjat hudang. Moal salah, ceuk pikirna, aya anu ngaganggu kana pepelakanana, Ngarawél pangilang, awi sadeupa, tuluy ngagidig ka lebah anu gandéng téa.

Katénjoeun ku manéhna aya monyét keur ngaweswes ngahakanan cabé.

“Tah, beunang siah anu sok malingan cabé aing téh!” ceuk Pa Tani bari ngudag Sakadang Monyét. Sakadang Monyét lumpat. Diténggor ku pangilang, teu beunang. Térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal asem, terus diuk dina dahan pangluhurna. Ari Sakadang Kuya mah teu bisaeun lumpat, nyumput kana dapuran cau.

Pa Tani nyampeurkeun ka lebah tangkal cabé anu diranjah ku Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya. Ari datang, bréh katénjo Sakadang Kuya keur nyumput dina dapuran cau. Nyumputna teu buni. Kalah ka huluna wé anu ngelok téh, ari awakna teu dibunian. Atuh puguh babari kapanggihna ku Pa Tani.

“Ieu geuning hiji deui anu sok ngaranjah kebon aing téh!” ceuk Pa Tani bari néwak Sakadang Kuya. Sakadang Kuya ditalian, tuluy dibawa ka saung.

Sakadang Monyét nénjokeun Sakadang Kuya anu dibawa ku Pa Tani. Haténa mah seuri. “Puas siah, bongan sok hayang meunang sorangan!” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Manéhna ngarasa bungah, pédah geus bisa males kanyeri haténa basa ngala nangka jeung cau téa. Sakadang Kuya dibawa ku Pa Tani ka imahna.

“Ambu, Ambu, ka dieu geura!” ceuk Pa Tani ka pamajikananana.

“Aya naon bapana, meni siga nu dines pisan?”

“Ieu geura tempo, uing meunang kuya!” ceuk Pa Tani.

Ambu Tani norojol.

“Euleuh-euleuh, enya baé mani gedé kitu! Kuya ti mana bapana?”

“Ti kebon. Kapanggih keur ngaweswes wé ngahakanan cabé. Ieu tayohna mah anu sok malingan cabé téh!”

“Ieu téh rék dikumahakeun?”

“Urang peuncit wé, isukan. Urang asakan, moal teu gajih geura kuya sagedé kieu mah. Ayeuna mah kurungan baé heula ku ranggap. Kadé bisi leupas!”

Kuya dikurungan ku ranggap, luhurna dibeungbeuratan ku batu, bisa ngencar cenah.

“Atuh meureun kudu meuli samarana ka pasar ari rék dipeuncit mah,” ceuk Ambu Tani.

“Enya, jung ka pasar meuli samarana meungpeung beurang kénéh. Ajakan baé Si Nyai,” ceuk Pa Tani. “Uing gé arék ka Ki Kerta heula sakeudeung, balikna engké meureun bada magrib.”

Teu lila Ambu Tani jeung anakna anu awéwé indit ka pasar. Bada asar Pa Tani kaluar ti imahna, arék ka imah Ki Kerta.

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG

DINA hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan.


Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

“Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya.

Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa ogé kétang, kateuteu ari, da angger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.


“Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh.

“Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. “Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot ogé!”

“Sabar, Sakadang Maung, sabar,” ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, “Lamun mémang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing téh tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.”

“Diduruk heula? Kumaha carana?” ceuk Sakadang Maung.

“Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.”

“Ari suluhna ti mana?”

“Ngala ka leuweung!”

“Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung néangan suluh, sia rék kabur! Aing moal bisa katipo deuleu!” ceuk Sakadang Maung.

“Bisi anjeun teu percaya mah, pék tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal!” témbal Sakadang Kuya.

“Heug atuh ari kitu mah!” ceuk Sakadang Maung. Tuluy néangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya téh ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu paménta Sakadang Kuya téh. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero ogé, gedéna sapaseun awakna. Tuluy manéhna cicing dina luhureun éta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang.

Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur baé sukuh téh diseungeut. Teu hésé teurakna seuneu téh, kawantu suluh gararing. Sakeudeung ogé seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung téh, terus baé mubus kana liang anu aya di handapeunana.

“Sakadang Kuya!” ceuk Sakadang Maung.

“Kuk!”

“Can paéh?”

“Encan, seuneuna kurang gedé.”

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

“Kuk!”

“Can paéh kénéh?”

“Encan, anéh di dieu mah seuneu téh bet haneut!” témbal Sakadang Kuya.

Suluhna ditambahan deui.

“Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu némbalan.

“Ah, jigana ayeuna mah geus paéh Sakadang Kuya téh.”

Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-koréh kana durukan, néangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu.

“Sakadang Kuya, geuning sia hirup kénéh?” ceul Sakadang Maung kacida kagétna.

“Puguh ceuk uing gé tadi, seuneuna téh jadi haneut di lebah dieu mah!” témbal Sakadang Kuya kalem.

“Baruk tiis nya?” ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. “Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasép euy!”

Sakadang Kuya mésem. Pok ngomong, “Sakadang Maung hayang siga kuring?”

“Ih, puguh wé, ti baheula aing téh hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya!”

“Tangtu wé atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas téh, bakal leuwih gagah jeung kasép. Ayeuna ogé cacakan coréléng geus tegep.”

“Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna?” ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna téh, teu uang-aing teuing.

“Nya bisa atuh, asal daék diduruk wé siga uing tadi,” ceuk Sakadang Kuya.

“Diduruk? Moal panas kitu?”

“Moal. Apan uing ogé henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,” témbal Sakadang Kuya. “Lamun arék, jung atuh néangan suluhna heula!”

Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rék ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing.

“Pék ngagolér di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!” ceuk Sakadang Kuya.

Sakadang Maung ngagolér, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur baé hurung, tangka ngabebela.

“Sakadang Maung!”

“Heuy!”

“Hirup kénéh?”

“Hirup, euy, ngan panas geuning!”

“Panas sotéh mimitina, engké mah moal geura.”

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Hirup euy, ngan panas,” témbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh?”

“Iup, han hanas heuy …,” Sakadang Maung némbal, sorana beuki teu kadéngé baé.

Teu talangké, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya.

“Sakadang Maung, hirup kénéh euy?”

Sakadang Maung teu némbalan.

“Lah, kawasna mah geus paéh Si Belang téh,” ceuk Sakadang Kuya.

Teu lila kadéngé sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk.

“Yakin geus paéh Si Belang téh. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik,” ceuk Sakadang Kuya.

SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET

SORA suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.


“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé.


“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya teu ngawaro.

“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”

“Sakeudeung wé atuh.”

“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”

“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”

“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”

Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.

“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.

“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.”

Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.

“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”

Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.

“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.

“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.

DAFTAR SEMUA POSTINGAN