SELAMAT DATANG DI WEBBLOG SERBA-SERBI INDONESIA TERIMAKASIH SUDAH BERKUNJUNG
PayPal.Me/Techerbandung.

Kamis, 23 Juni 2011

Paribasa Sunda


1.      Ubar puruluk Omongan pikeun nengtremkeun pikir sakadarna, ulah ngarasula.
2.      Ukur pulang modal Henteu untung henteu rugi, balik jinis.
3.      Ulah andelan ulah pidelan Ulah percayaan teuing, tapi ulah teu percayaan teuing.
4.      Ulah cara ka kembang malati, kudu cara ka picung Ulah babari bosen, kudu mayeng kanyaah, kudu mimitina asih beuki lila beuki asih.
5.      Ulah ieu aing uyah kidul Ulah asa aing pangpunjulna.
6.      Ulah incah balilahan Entong pindah tempat.
7.      Ulah nyeungseurikeun upih ragrag Ulah ngageuhgeuykeun (kolot) nu ku urang sorangan bakal kasorang (kaalaman).
8.      Ulah sambat kaniaya Ulah majar maneh dikaniaya, da bongan boga dosa.
9.      Ulah tiis-tiis jahe Ulah senang-senang atawa cicing-cicing bae samemeh sasadiaan pikeun ngalaksanakeun perkara nu disanghareupan.
10.  Umur gagaduhan, banda sasampiran Boh umur boh harta banda teu ngaboga-boga, sabab dina hakekatna mah sadayana oge kagungan Allah.
11.  Uncal kaauban surak Ngadenge beja tacan sidik tuluy diandel enya bae.
12.  Uncal tara ridueun ku tanduk Elmu moal matak ridu mamawa.
13.  Undur kadeuleu punduk, datang kadeuleu tarang Henteu ngaleos kitu bae, bebeja heula, basa rek indit saperti basa datang.
14.  Unggah adat Jelema anu robah pangadatan (pamake) atawa kalakuan, ku sabab ngarasa yen darajat dirina geus ningkat.
15.  Unggah balewatangan Katarik kana perkara kudu datang ka pangadilan, boh ukur jadi saksi boh jadi nu didakwa.
16.  Urang curug ngebul Jalma dusun ti nu jauh pisan ti kota.
17.  Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah Jelema dusun.
18.  Uteuk tongo dina tarang batur katenjo (kanyahoan), ari gajah depa dina punduk teu karasa Kagorengan batur sanajan saeutik kanyahoan, ari cacad awak sorangan masing gede oge teu karasa.
19.  Uteuk tongo walang taga Barang-barang atawa sasatoan anu panglaleutikna.
20.  Uyah tara tees ka luhur Sipat anak sok ngala ka indung-bapana.
21.  Waspada permana tingal Terus tingal, ilikan weruh sadurung winarvh.
22.  Wawuh munding Wawuh meueusan pedah sok panggih di jalan atawa dina pasamoan.
23.  Weruh sadurung winarah Nyaho memeh dibejaan.
24.  Wiwirang di kolong catang, nya gede nya panjang Wiwirang gede nu teu bisa dibunian.
25.  Watang sinambungan Nu pasea atawa nu boga perkara batur, tapi ari cekcokna jeung urang.
26.  Yuni kembang Jelema arm pasipatanana kawas kembang, pikaresepeun atawa pikalucueun.
27.  Yuni tai Jelema arm pasipatanana teu pikaresepeun atawa teu pikalucueun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

TERIMAKASIH

DAFTAR SEMUA POSTINGAN

free counters