SELAMAT DATANG DI WEBBLOG SERBA-SERBI INDONESIA TERIMAKASIH SUDAH BERKUNJUNG
PayPal.Me/Techerbandung.

Minggu, 08 Juli 2018

Nyair impun dilebak panyairan

Nyair impun di lebak panyairan
Jaman keur leutikmah ulin teh sok rada jarambah siga na teu inget balik kaimah da kuring ge mun pere sakola sok ngadon ngala impun atawa nyair impun ka lebak panyairan nu aya di lebak desa karyawangi anu jalanna mah nurugtug palaur lamun tikosewad teh matak ngagulutuk.
Anu ngaranna nyair teh ngala impun make sairan , sairan teh satengah buleud anu di anyam ku awi tapi rada carang jadi lamum di sair teh caina teu kabawa da moncor kanu liang liang leutik awi tapi sabangsaning anu rada gede mah impun atawa lauk atawa jukut bisa cicing teu moncor kahandap.
Nyair
 teh sok mapay mapay galengan saladah cai. ari galengan teh jalan leutik disiisi anu sok di pake ngaliwat atawa tatapakan pikeun jalan katempat lainna deui. bari jeung turun kasisi galengan terus sairan di anclumkeun kanu sisi sisi saladah cai sugan weh aya impun anu kasair nya lumayan sok meunang ari sarantangeun mah,lumayan mun di goreng garing teh jeung sangu ngebul sok matak mamayu ari dahar teh.
Ari keur nyair teh ngan kudu turun ka cai saladah cai lamun turun teu kahaja eta saladah cai sok kaide'k mun kanyahoan anu boga saladah mah sok di carekan temeunangeun nyair teh, meureun ngarusak , tapi maklumeun meureun kabarudak jaman harita mah ,
Tangtuna barudak ayeuna jeung baheula kaulinanna beda pisan contona ieu nyair anu tangtu moal karandapan kubudak zaman ayeunamah bari ulin bisa ngahasilkeun bisa mawa balik dahareun jang dibawa kaimahna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

TERIMAKASIH

DAFTAR SEMUA POSTINGAN

free counters